Kajadian Aheng Taun 2020 !


Jurig Nyiliwuri Ngajirim jadi Corona
Taun 2020 mutlak milik na mangkluk nu ngaran na Corona.
Sabangsa virus nu matak ngabahayakeun kasehatan jeung bisa ngabalukarkeun pegat na nyawa jelema alias maehkeun.
Sakabeh manusa sa alam dunya geger sabab virus corona ieu teh gancang pisan sumebar nyaliara dina genggerong manusa.
Nu leuwih jadi ewuh pakewuh teh nepi ka ayeuna tacan aya obat na nu bisa ngalumpuhkeun jeung maehan nepi ka numpurkeun virus corona.
Mugia weh datang na virus corona teh bisa nyadarkeun sakabeh jelema nu salama ieu geus sarakah jeung ngaruksak alam dunya nu sakitu rongkah na.
Salain ti eta aya oge kajadian anu luar biasa nu ngageunjleungkeun alam dunya yaeta …
Taun 2020 balikna kajayaan salah sahiji Rempah Nusantara
Jenis rempah ieu teh salah sahiji rempah nu fungsi na keur obat.
Hanyakal ku alatan kapentingan Amerika Serikat maksa ka Presiden Soeharto supaya ngalarang (ngaharamkeun) jenis rempah ieu.
Alhamdulillaah persis dina taun 2020 ieu jenis rempah ieu teh balik deui jeung bisa asup deui kana katagori tanaman obat.
Kementerian Pertanian dina tanggal 3 Februari 2020 resmi ngasupkeun jenis rempah ieu salaku tanaman obat.
Hanyakal pisan bewara ieu teh kakara disebarkan tepat dua atau tilu poe deui kaputusan ieu dicabut kusabab loba anu protes.
Padahal jangka waktu na nepi ka 8 bulanan.
Allooh nakdirkeun lain, dina tanggal 2 Desember 2020 lembaga organisasi dunia Perserikatan Bangsa – Bangsa ngumumkeun sacara resmi, info na ku jalan voting meunang suara 27 – 25, pepentolna jeung kokojona Amerika Serikat tur Inggris mastikeun jenis rempah ieu asup kana katagori tanaman obat.
Mugia bangsa jeung pamarentah Indonesia bisa ngamanfa’atkeun kondisi ieu jadi anugerah keur kamajuan jeung kamaslahatan tur kamakmuran sakabeh rahayat Indonesia dimana wae ayana, aamiiin.
Bandung, Jum’at, 4 Desember 2020
Kang Zaki
CJI
No Responses